Émbrio

Embrio nyaéta tahap awal tumuwuhna vertebrata (sato boga tulang tonggong). Keur manusa, émbrio téh nyaéta hiji organisme anu mekar ti mimiti pembuahan nepi ka ahir minggu kadalapan kahamilan, disebut ogé minangka janin. Sababaraha définisi ngagambarkeun tahap émbrio ngan saukur tina tahap implantasi nepi ka saminggu kadalapan, ku tahap-tahap awal nu disebut "pre-implantasi."

Formasi

Istilah "émbrio" ukur dipaké pikeun ngarujuk ka "eukariota" atawa organisme multisélular. Biasana, jalma ngagunakeun istilah husus pikeun ngarujuk eukariota diploid, nu mibanda susunan lengkep materi genetik tina dua donor. Materi genetik ieu nyokot wangun spérma haploid jeung endog; sél haploid ngandung ukur satengah susunan kromosom, nu hartina yén ieu teu bisa mekar jadi nanaon iwal lamun digabungkeun jeung hiji kaliana(?).

Wangunan émbrio dimimitian waktu prosés fértilisasi. Lamun endog jeung spérma papanggih, bakal ngahasilkeun "zigot." Zigot mangrupa sél diploid tunggal, dijieun ngaliwatan ngahijina dua sél haploid. Sanggeus dibuahan, zigot mimiti beulah, neundeun dadasar pikeun hiji organisme sawawa nu ahirna bakal lahir, megar, atawa tumuwuh. Saprak divisi ieu dimimitian, zigot bakal robah jadi émbrio.

Tumuwuhna manusa

Status émbrio dina manusa rada rumit. Dina waktu fértilisasi, endog manusa jeung spérma jadi zigot, nu mimitian ngabagi, jadi émbrio. Aya loba padungdengan ngeunaan harti émbrio manusa dina watesan "hirup". Padungdengan ieu geus nyababkeun konflik di beulahan dunya, utamana lamun diomongkeun ka nungtungan kakandungan. Lamun émbrio manusa sawawa, éta mimiti robah jadi wangun anu bisa dipikanyaho, di mana titik ieu urang ku urang sok disebut janin.

Tumuwuhna dina Sato

Embrio henteu bisa hirup mandiri alatan henteu boga jaringan, struktur awak jeung organ anu diperlukeun pikeun ngalakukeunana. Indung embrio kudu méré dahar jeung lalajo supaya nepi viabilitas. Dina mamalia, ieu dilakonan ku cara ngainkubasi dina awak sarta ngandung gizi maké nutrisi ti indungna. Sato endogan nyadiakeun embrio jeung lapisan beunghar nutrisi nu dibungkus ku cangkang teuas, nu ngajaga nepi ka siap lahir.

Embrio Tutuwuhan

Tumuwuhna embrio dina tutuwuhan gumantung kana cara di mana spésiés anu béda nurutan. Maranéhna anu ngamanfaatkeun siki antarana struktur leutik ngancik kana daun, akar, sarta batang, nu ngawangun émbrio tutuwuhan ieu. Spésiés lianna ngahasilkeun embrio nalika tutuwuhan leutik nu tumuwuh sapanjang tutuwuhan leuwih badag saméméh misahkeun sorangan pikeun terus tumuwuh.

Referensi

  1. a b (id)Arti Embrio Archived 2015-08-06 di Wayback Machine diakses 14 juli 2015
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s (id)Pengertian Embrio Archived 2015-08-03 di Wayback Machine diakses 14 Juli 2015